Sunday, September 17, 2017

Contoh Soal UAS Bahasa Sunda Kelas 8

Logo MTs Al IsthakhariyyahYAYASAN AL ISTHAKHARIYYAH
MADRASAH TSANAWIYAH
MTs AL ISTHAKHARIYYAH
Alamat :  Jl. Raya Ciamis-Banjar Km. 6 No. 195 Telp. (0265) 2751286 Pamalayan Cijeungjing Ciamis 46271
 

ULANGAN UMUM AKHIR SEMESTER GANJIL TAHUN PELAJARAN 2014-2015

Mata Pelajaran         : Bahasa Sunda
Kelas                       : VIII (Dalapan)
Hari/Tanggal                            :  Sabtu, 13 Desember 2014
Waktu                                      :  90 menit
Petunjuk :
1. Bacalah Basmallah sebelum mengerjakan dan Alhamdulillah sesudah selesai mengerjakan soal.
2. Tulislah jawaban pada tempat yang telah disediakan.


I.      Pilih salah sahiji jawaban a, b, c, atawa d anu pangmerenahna!
Wacana
HORMAT KANA JASA PAHLAWAN
                Bangsa anu linuhung nyaéta bangsa anu hormat kana jasa para pahlawanna. Anu dimaksud hormat di dieu téh bisa dihartikeun ngajénan, jeung gedé karep pikeun neruskeun perjoanganana. Lian ti éta, aya hal séjén anu sarua pentingna, nyaéta teu ngotoran jasa pahlawan ku cara nyieun lampah salah, komo lamun ngadatangkeun karugian keur saréréa mah.
                Lamun urang nyaritakeun pahlawan, anu kasawang téh hébatna perjoangan di médan perang. Haseup mesiu, borobotna bedil, blung-blengna sora kanon jeung mortir. Éta pangna anu remen kacatur jadi pahlawan téh ti golongan lalaki, sabab anu gugur di médan perang mah umumna lalaki.
                Padahal, ari nu disebut pahlawan téh henteu ngan sawates anu maju ka pangperangan waé, jeung lain ti golongan lalaki wungkul. Pahlawan téh henteu ngan ukur maranéhna anu jasadna gugur di danalaga, atawa ngorbankeun nyawa pikeun nebus kamerdékaan. Saenyana mah sing saha waé nu ikhlas babakti pikeun kapentingan umat manusa jeung pangeusi dunya lianna, éta bisa disebut pahlawan. Ari lebah widang perjoanganana mah mungkin rupa-rupa; bisa dina widang pendidikan, kabudayaan, ékonomi, lingkungan, kaséhatan, élmu pangaweruh jeung téknologi, katut widang-widang séjénna anu méré mangpaat pikeun kahirupan.
1.     Wacana di luhur kaasup kana jenis karangan ...
a.     Narasi                 c. Arguméntasi        
b.     Èksposisi            d. Déskripsi 
2.     Karangan arguméntasi ngajak mikir .... kanu macana.
a.     jero                     c. ngungkab              
b.     nataan                 d. kritis
3.     Ciri karangan arguméntasi ngabogaan alesan anu dirojong ku ...
a.     masalah               c. pasualan           
b.      fakta                   d. data
4.     kecap linuhung dina wacana di luhur sarua hartina jeung
a.     luhur/terhormat     c. kamashur           
b.     beunghar                d. pinter
5.     Di handap ieu nu kaasup kana opat jenis karangan, iwal ...
a.     Déskriptif             c. Artikel                
b.     Arguméntasi        d. Éksposisi
6.     “Éta pangna anu remen kacaturkeun jadi pahlawan téh ti golongan lalaki wungkul...”. Kecap kacatur sarua hartina jeung ...
a.     kagambarkeun     c. kasebutkeun    
b.     kacaritakeun        d. katuliskeun
7.     Conto tugas urang (pelajar) dina ngahormat jasa pahlawan nu pangmerenahna nyaéta...
a.     Ziarah ka makam para pahlawan
b.     Miluan upacara bendera unggal poé senen
c.     Diajar kalawan getol tur soson-soson
d.     Miluan upacara 17 Agustusan
8.     Di handap ieu mangrupa kecap nu teu ditambahan ku rarangkén tukang –ing, iwal ...
a.     anaking               c. bakating              
b.      silaing                d. ambuing
9.     “Iraha sumping ti Garut téh, Pa?”. Kecap ti dina kalimah di gigir téh mangrupa kecap pangantét nu nuduhkeun ...
a.     asal                     c. tujuan                   
b.      tempat               d. alat
10. Di handap ieu kalimah nu ngandung kecap pangantét nu nuduhkeun tempat nyaéta...
a.        Éta korsi téh dijieunna tina kai nu pangalusna.
b.     Cik pangmesékeun buah ku péso nu seket!
c.     Kolot téh kawas budak, dicalana katempo pingping, teu boga ka éra!
d.     Simpen gelas téh dina méja!
11.      “Assalamu’alaikum.
         Aya informasi pikeun ka sakumna warga, nyaéta ngeunaan mahabuana virus flu burung kiwari. Urang, sakumna masarakat kudu waspada, lantaran geus aya dua-tilu taunna, di urang nerekab kasakit flu burung anu béda ti kasakit flu biasa. Geus pirang-pirang anu katerap éta sasalad, tur loba anu teu bisa katulungan, tepi ka maotna..”
Kutipan wacana di luhur kaasup kana wacana ...
a.       Informasi            c.  Wawaran              
b.       Pengumuman      d. Warta
12.      Bédana antara informasi jeung wawaran nyaéta...
a.           Wawaran mah matérina loba, sedengkeun informasi mah teu lengkep.
b.       Informasi mah matérina lengkep, sedengkeun wawaran mah anu ditepikeunana teu loba sabab ukur dipilihan poko-pokona wungkul.
c.     Wawaran mah nu ditepikeunana singget jeung ringkes, ari informasi mah nepikeun hal-hal nu penting kalawan ditétélakeun sajéntréna.
d.       Informasi mah singget jeung pondok, ari wawaran mah sarua jeung pengumuman.
13.      Léngkah-léngkah nyieun wacana informasi téh mimiti nangtukeun heula ...
a.       poko-poko pasualanana           c. rangkayna
b.       témana                                      d. kateranganana
14.      Pangna disusun ku cara kitu téh sangkan runtuyan matéri nu ditepikeun mangrupa informasi téh ...
a.       teu puguh salang surupna      
b.       langsung kacangkem ku nu macana
c.        kaharti ku nu macana              
d.       gampang katarima ku anu ngadéngékeunana
15.      Sanggeus poko pasualanana diwincik, kakara waé disusun wacana anu bakal ....
a.       dibacakeun            
b.        langsung ditulis       
c.         langsung ditepikeun ka masarakat       
d.       dipedar
16.      Kecap nu kaasup kana rarangkén barung pi-eun gunana pikeun ngawangun kecap barang nu hartina bahan nu patali jeung sipat atawa kaayaan, iwal ...
a.       pibageureun          c. pihadéeun          
b.       pibajueun              d. pibeunghareun
17.      Daérah Garut mangrupa daérah anu kakoncara ku ingon-ingon ...
a.       Kuda                      c. Sapi                   
b.       Munding                d. Domba
18.      “Lamun kasenian Sunda teu ... ku urang Sunda, ku saha deui atuh?”
Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan kalimah di luhur nyaéta ...
a.       dipikareueus         c. dipikasieun          
b.       dipikahayang       d. dipikagimir
19.      Saupama kasenian daérah teu dimumulé jeung teu dirojong ku para tokoh sarta masarakatna lila-lila kasenian daérah bakal ...
a.       maju                c. leungit                
b.       euyeub            d. sumebar
20. Di handap ieu ngaran kasenian daérah anu  ngutamakeun kana unsur sora, iwal ...
a.       sawer                c. beluk                   
b.       cianjuran          d. jaipongan
21.      Karangan arguméntasi téh karangan anu tujuanana pikeun ngedalkeun hiji ...
a.       pasualan          c. pamanggih        
b.        fakta               d. informasi
22.      Kawih téh geus jadi bagian tina kabeungharan seni ...
a.     musik               c. sora                
b.     sunda               d. tari
23.      Bédana antara kawih jeung tembang téh nyaéta ...
a.     Ari kawih mah teu maké wiletan (garis birama), sedengkeun tembang mah maké wiletan.
b.     Kawih mah teu aya ketukan nada, sedengkeun tembang mah aya.
c.     Tembang mah saban jajarna maké garis birama, ari kawih mah maké.
d.     Dina kawih mah aya nu disebut wiletan jeung aya ketukan nada, sedengkeun tembang mah teu aya, sabab saban jajarna teu maké garis birama.
24.      Nu teu kaasup kana jenis papasingan sisindiran nyaeta…
a.  wawacan           
b.  wawangsalan              
c.   paparikan              
d. rarakitan
25.      Nu jadi patokan kawih téh nyaéta dumasar kana da-mi-na-ti-la-da, istilahna lamun dina seni karawitan Sunda mah disebutna ...
a.       Tangga nada              c. Sanggian
b.       Rumpaka                   d. Serat kanayagan
26. Tembang Cianjuran téh mangrupa pituin kasenian ti daérah ...
a.       Cianjur                    c. Bandung                    
b.       Ciamis                     d. Garut
27. Urang kudu ... kasenian warisan karuhun. Kecap nu merenah pikeun ngalengkepan éta kalimah nyaéta...
a.       ngarawat                  c. ngamumulé             
b.        ngalestarikeun        d.  ngaberesihan
28. Cianjuran téh tembang pituin ti Cianjur. Kecap Pituin hartina ...
a.       asal                       c. kautamaan                 
b.       asli                       d. turunan  
29.      Sisindiran nyaéta salah sahiji karya sastra Sunda anu disusun dina wangun  ...
a.       prosa                   c. karangan                  
b.       carita                  d.  puisi
30.      Saruana sora basa nu panungtung disebutna ...
a.       wirahma           c. rumpaka                   
b.       purwakanti      d. serat kanayagan
31.       Guguritan!
Bandung ayeuna geus heurin ku tangtung,
nu datang ti mana mendi,
loba nu ngadon usaha,
atawa nu ngadon cicing,
balatak ku nu daragang,
matak heurin anu ulin.
Guguritan di luhur mangrupa guguritan anu disusun dina pupuh...
a.       kinanti
b.       asmarandana
c.        dangdanggula
d.       balakbak
32.      8u-8i-8a-8i-8a-8i mangrupa patokan pupuh ....
a.     asmarandana                      c. sinom                       
b.      kinanti                               d. mijil
33.      Cara maca guguritan mah nyaaéta ku cara ....
a.       Didéklamasikeun                  c. ditembangkeun                     
b.       Ditarikeun                            d. diharéwoskeun
34.      Patokan pupuh Asmarandana nyaéta ....
a.   8u-8i-8a-8i-8a-8i
b.8a-8i-8a-8i-7i-8u-7a-8i-12a
c.    8i-8a-8é-8a-7a-8u-8a
d.10i-6o-10-é-10i-6i-6u
35. Cutatan Warta (Berita)!
   Dina taun anggaran 2014, pamaréntah daérah provinsi Jawa Barat, geus nyadiakeun waragad pikeun meuli buku-buku pangrojong pangajaran basa Sunda anu gedéna 3,5 milyar rupiah. Kitu anu ditandeskeun ku gubernur Jawa Barat dina wawancarana jeung Majalah Sunda, kemis 10 November 2013.
Dumasar kana cutatan warta di luhur, anu jadi eusi warta di luhur téh nyaéta...
a.  Ngeunaan bantuan buku pangrojong pangajaran                    
b.  Ngeunaan wawancara gubernur Jawa Barat jeung majalah Sunda
c.   Ngeunaan Pamaréntah daérah provimsi Jawa Barat
d.  Ngeunaan anggaran anu gedéna 3,5 milyar rupiah.


36. Sisindiran diwangun ku opat …
a.       padalisan                  c. paragrap                      
b.       rumpaka                   d. kecap
37.      Guguritan téh nyaéta ....
a.       Karangan pondok anu disusun dina wangun prosa             
b.       Karangan pondok anu disusun dina wangun tulisan
c.        Karangan pondok anu disusun dina wangun drama
d.       Karangan pondok anu disusunna dina wangun/maké patokan  pupuh
38.  Sora vokal dina unggal tungtung padalisan disebutna....
a.       guru lagu
b.       guru wilangan
c.        purwakanti
d.       rumpaka
39. Jumlah pupuh sakabéhna aya ....
a.        16                       c. 17               
b.     15                       d. 18
40.      Jumlah engang (suku kata) dina unggal padalisan disebut ....
a.        guru lagu                   c. pada                 
b.     purwakanti                d. guru wilangan

II.   Essay
Jawab atawa pigawé pananya atawa paréntah di   handap! 

1.     Jelaskeun nu dimaksud karangan arguméntasi téh!
2.     Tulis opat jenis karangan! Jelaskeun!
3.     Tuliskeun jenis papasingan sisindiran!
4.     Jelaskeun nu dimaksud guguritan!
5.     Jieun 2 (dua) sisindiran rarakitan jeung paparikan!

  







No comments:

Post a Comment